Selasa, 01 November 2016

lirik lgu pop sunda



Lirik Ema - Kustian

Lirik Ema - Kustian

Ema hampura abdi hampura
Diri rumasa tos seueur dosa
Ka ema anu sakitu asihna
Kumahaa mulangkeunana

**
Ema bukakeun lawang hampura
Diri sangkan pinanggih jeung bagja
Upami salira teu ngahampura
Niscaya hirup teu guna

Reff
Salapan sasih lamina
Abdi dikandung ku ema
Dugikeun kasiksa raga
Ema henteu ngarasula

Gubragna abdi ka dunya
Teu lepas ti jasa ema
Nu pinuh ku rasa ikhlas
Teu sirik narohkeun nyawa

Abdi bisa beunta ku ka nyaah ema
Cape tang nyarita ku asih ema
Emaaa Abdi hampura

Back**




Budak Saha
Wina

Dipikir siang jeung wengi
Hirup téh naha nyorangan
Dirasa-rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun di mana

Teu sangka ku nasib diri
Hirup téh pahatu lalis
Lami gedé cicing di yayasan
Ema bapa anjeun di mana

Duh Gusti ari abdi budak saha
Teu puguh laratanana
Batin ceurik balilihan
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana anu ngandung
Na di mana nu ngayuga
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana ari indung
Na dimana ari bapa











Indung
Nu Ngawih: Wina

Duh indung duh indung
Naha anjeun téh dimana
Abdi keueung duh indung
Na kunaon anjeun téh ngantunkeun abdi
Milari nu janten indung
Lamina mangtaun-taun
Saupami aya kénéh
Na di mana atuh ayeuna

reff
Kalér kidul tos dijugjug
Ngulon wetan didatangan
Tapi anu jadi indung
Teu aya laratananan
Ya Allah maha uninga
Na di mana indung abdi
Gusti Nu Maha Suci
Mugi pitulung ka abdi
Duh indung duh indung

Lirik Lagu Surga Na Dampal Sampean Indung - Wina


Lirik Lagu Surga Na Dampal Sampean Indung - Wina

Surga ayana dampal sampean indung
Nu kacida gede pisan ngandung harti
Nabisa urang neuleuman jeung surti naon maksudna

**
Surga ayana dampal sampean indung
Nu kacida ikhlas pisan ka nyaahna
Nabisa urang ngabales tur sanggup mulang tarima

Reff
Timimiti urang ngagubrag ka alam dunya
Pan nya Indung nu nyambung nyawa
Sapapanjang urang ti leutik jadi sawawa
Do'a Indung taya kendatna

Yu urang punjung indung nu ngandung
Yu urang punjung indung nu ngandung

Back**


Tidak ada komentar:

Posting Komentar